Nok Sari, randa kakara "cret", geus jadi randa rebutan. Komo sanggeusna lubar idah mah, nu ngahelaran beuki meuweuh, lain hiji dua nu kaedanan, teu bujang teu duda, malah nepi ka nu geus boga pamajikan ge nyoba-nyoba ngadu nasib, dibelaan balanja kacoceng tur cul ka anak jeung pamajikan.