Dina sajarahna anu tacan kungsi satengah abad, kabuktian sajak dina basa Sunda teh geus ngahontal ajen anu bisa dipikareueus jeung geus miboga tradisi anu pageuh ngakar dina kahirupan budaya.
Nepi ka ayeuna guguritan-guguritan Haji Hasan Mustapa teh ngan sumebar di sawatara kalangan anu mikagum jeung mikaresepna, mangrupa hasil silih salin, paling-paling distensil, tacan aya nu dibukukeun, kajaba ti guguritan "Biantara Kasinoman" nu dimuat dina Volksalmanak Soenda (1929).