Rasiah nu Goreng Patut atawa Karnadi Anemer Bangkong, nyaritakeun lalampahan Karnadi, nu pakasabanana kaasup panghina-hinana mangsa harita - ngala bangkong - kitu deui rupana nu kagolongkeun kacida goreng patutna, tur asal muasalna nu teu puguh.
Tri Tangtu di Bumi mangrupa roman sajarah nu ngagambarkeun pangalaman Pamanah Rasa, putra Prabu Dewa Niskala ti Kawali, nu ngumbara ka kaler, nikah ka Nyi Ambetkasih tuluy ka Putri Subanglarang nu ngalahirkeun Walangsungsang, Larasantang, jeung Sangara nu ngagem agama Islam milu ka indung.
Hate suka seuri, pangarti tambah ngeusi. Kitu nu baris kaalaman mun urang maca Si Lamsijan Kaedanan. Kawantu ieu karangan Ki Umbara teh komedi anu mibanda ajen da'wah. Kituna teh nu ngarang napak kana tradisi sastra Sunda deuih. Caritana dipasieup ku pupuh kayaning Pangkur, Sinom, Asmarandana, Mijil, Durma, jeung Balakbak.
Nu Tareuneung teh midangkeun carita-carita tareh. Tangtuna ge sumberna tina tareh Islam nu dipikawanoh ku balarea, nu sok dicaritakeun dina khutbah atawa dimuat dina buku jeung majalah.